Thursday 1 July 2010

Babasan/Paribahasa SUNDA

1. adam lali tapel = poho ka Baraya jeung poho ka Lemah cai.
2. adat kakurung ku iga = adat nu hese digantina.
3. aya bagja teu daulat = arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
4. mun teu ngakal moal ngakeul =mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
5. aku aku angga = ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda - ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng.
6. aki aki tujuh mulud = lalaki nu geus kolot pisan.
7. ambek nyedek tanaga midek = ari napsu pohara gedena, ngan tanaga euweuh.
8. eukeut ambeu seukeut deuleu = loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
9. nulungan anjing kadempet = nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
10.asa ditonjok congcot = meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
11.asa potong leungeun katuhu = leungiteun jalma nu pohara hade gawena.
12.nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha = nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
13.ngagulkeun payung butut =ngagulkeun luluhur sorangan.
14.anak merak kukuncungan = sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
15.asa ditonjok congcot = meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.

1 comment: